Kamus

setiap pagi= unggal énjing

setiap hari= unggal dinten / unggal poé

Wilujeng wengi sadayana. : selamat malam semuanya.

Tatih = Berdiri

Taun = Tahun

Téang = Cari

Tebih = Jauh

Tegal = Lapang

Téké = Jitak

Tembang = Lagu

Tembong = Kelihatan

Tempo = Lihat

Tengen = Kanan

Tengtrem = Damai

Ténjo = Lihat

Tepang = Jumpa

Tepung = Jumpa

Terang = Tau

Teras = Kemudian

Téré = Tiri

Tétéh = Kakak perempuan

tersandung = titajong,

terpeleset = tisolédat,

tersungkur = tikusruk,

luka = raheut 


Jadi = Janten

Jahil = Jail

Jahit = Kaput

Menjahit = Ngaput

Jalan kaki = Papah, Leumpang

Jam berapa = Tabuh sabaraha

Janda = Randa

Janji = Jangji

Jari = Ramo

Jari Telunjuk = Curuk

Jauh = Tebih

Jelas = Eces

Jelek = Awon, Butut

Jendela = Jandela

Jengkel = Keuheul

Jepit = Capit

Jidat = Tarang, Taar

Jijik = Geuleuh

Jilat = Letak, Lamot

Jitak = Teke

Jurang = Gawir

jaba = selain, luar

jaga = suat saat nanti

jagjag = sehat, kuat

jagjag waringkas = sehat wal afiat

jago = jantan

jagrag = sudah disediakan

jajap = mengantar

jajar = berbaris

jalir = ingkar

jalma = orang

jalu = jantan

jamedud = merengut, muka masam

janari = waktu antara tengah malam dan subuh

jangjang = sayap

jangkorang = tubuh tinggi dan tidak seimbang dengan besarnya

jangkung = tinggi

japati = merpati

jaram = kuman

jarambah = senang main jauh (anak)

jarempe = pada diam


jentre = jelas, terang

jero =dalam

jeujeur = alat mancing ikan

jeungkal = jengkal tangan

jidar = mistar, penggaris

jig = menyuruh pergi

jiga = mirip, hampir sama

jiwir = jewer

jorang = ngeres,

jubleg = lesung, tempat menumbuk

jugjug = akan mendatangi, menuju

jukut = rumput

jumaah = jumat

jumpalik = jatuh terguling

jung = menyuruh pergi/berdiri

jungjunan = kekasih

jungkel = roboh, terjungkal

junun = bersungguh-sungguh dalam bekerja

jurig = hantu

juru = pojok, sudut, tukang

Lada = Pedas

Lain = Bukan

Lajeng = Kemudian / Selanjutnya

Lalaki = Laki-laki

Laleur = Lalat

Lali = Lupa

Lambey = Bibir

Lami = Lama

Lamot = Jilat

Lamun = Jika

Lanceuk = Kakak

Lancingan = Celana

Landong = Obat

Lauk = Ikan

Laun = Lambat

Lawas = Lama

Lawon = Kain

Seubeuh = Kenyang

Seueur = Banyak

Seukeut = Tajam

Seuneu = Api

Seungit = Wangi / Harum

Seupah = Sepah

Seupan = Kukus

Seureud = Sengat

Seureuh = Sirih

seuri = Senyum / Tertawa

Seuseup = Hisap

 buat, untuk = eukeur, kanggo

(halus)

untuk = keur, kanggo(halus)

untuk siapa = kanggo saha(halus)

Jalma tukang nyunatan téh baheula mah disebutna béngkong.

anggo = pakai

nganggo = memakai

dianggo = dipakai

kaanggo = terpakai, bermanfaat

anggoan = pakaian

Paribahasa :

1. Adam lali tapel. (Poho ka baraya jeung lemah cai).
2. Adat kakurung ku iga. (Tabéat nu geus hésé dirobahna).
3. Adéan ku kuda beureum. (Ginding ku barang batur atawa barang meunang
nginjeum).
4. Agul ku payung butut. (Jalma taya kaboga, tapi mindeng nyaritakeun yén
manéhna turunan ménak baheulana).
5. Alak-alak cumampaka. (Niru-niru atawa mapadani saluhureun boh dina
kalungguhan, kakayaan, atawa atikanana).
6. Ambek sadu santa budi. (Soléh hate lemes budi).
7. Anjing ngagogogan kalong. (Mikahayang hiji hal nu pamohalan).
8. Anjing nyampeurkeun paneunggeul. (Nyampeurkeun nu rék nganyenyeri).
9. Anu burung diangklungan, anu gélo didogdogan, anu édan dikendangan.
(Anu gedebul dihaminan supaya tambah maceuh).
10. Ari diarah supana kudu dijaga catangna. (Ari aya barang nu diala hasilna
kudu daék ngurusna).
11. Ari umur tunggang gunung, angen-angen pecat sawed. (Ari umur geus kolot
ari kahayang cara nu ngora).
12. Asa aing uyah kidul. (Asa jadi pangpunjulna).
13. Asa kabur pangacian. (Kacida reuwasna nepi ka teu puguh cabak).
14. Asa ditonjok congcot. (Meunang kabungah anu gedé nu teu disangka-sangka).
15. Asa nanggeuy endog beubeureumna. (Kacida nyaahna).
16. Asa potong leungeun katuhu. (Leungiteun jelema anu pohara hade gawéna).
17. Ati putih badan bodas. (Beresih hate, teu aya pikiran goréng).
18. Ati mungkir beungeut nyanghareup. (Kasatiaan nu teu terus jeung haté).
19. Aya jalan komo meuntas. (Manggihan jalan atawa cara pikeun gancanggancang
ngalaksanakeun pamaksudan).
20. Ayakan mah tara meunang kancra. (Usaha nu modalna leutik hasilna ge moal
gedé).

21. Balung kulit kotok meuting. (Henteu beresih pisan haténa, masih ngunekngunek).
22. Banda tatalang raga. (Kakayaan mah gunana pikeun ngabagjakeun awak).
23. Banda sasampiran nyawa gagaduhan. (Boh banda, boh nyawa, Pangéran nu
kagungan).
24. Batok bulu eusi madu. (Goreng rupana atawa tagogna, tapi pinter jeung hade
kalakuanna).
25. Bébék ngoyor di sagara, rék nginum néangan cai. (Lubak-libuk harta tapi teu
bisa make sabab lain hakna).
26. Bengkung ngariung, béngkok ngaronyok. (Kajeun hirup ripuh, asal tetep teu
pajauh jeung anak incu).
27. Bentik curuk balas nunjuk, capetang balas miwarang. (Ngan bisa maréntah
atawa nitah wungkul).
28. Bilatung ninggang dagé. (Jalma nu teu jujur kabeneran meunang kalungguhan
atawa kasempetan nu bisa ngaluluskeun kateujujurannana).
29. Bobot pangayon timbang taraju. (Timbangan atawa kaadilan).
30. Bonténg ngalawan kadu. (Nu lemah ngalawan nu kuat).
31. Bubu ngawarégan cocok. (Méré naséhat atawa nyieun aturan anu nguntungkeun
manéhna).

32. Caang bulan dadamaran. (Migawé hal anu teu diperlukeun deui).
33. Cai asa tuak bari, kéjo asa catang bobo. (Sagala teu ngeunah lantaran keur
susah atawa keur gering).
34. Cai di hilir mah kumaha ti girangna. (Rahayat sok nyonto kalakuan pamingpinna).
35. Cécéndét mandé kiara. (Jelema leutik hayang mapandean jelema beunghar
atawa nu gedé pangaruhna).
36. Cicing dina sihung maung. (Hirup atawa kumawula ka gegedén).
37. Cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok. (Upama dileukeunan tur
junun, sagala rupa nu hésé ogé bakal tinekanan).
38. Cul dogdog tinggal igel. (Ninggalkeun pagawéan nu geus puguh hasilna ku
sabab kabita ku pagawéan séjén nu pihasileunnana tacan jelas).

39. Daék macok embung dipacok. (Hayangna barang pénta ka batur, tapi embung
méré ka batur).
40. Daluang katinggang mangsi. (Susuganan kanasiban aya jodo).
41. Dibéré sabuku ménta sajeungkal, dibéré sajeungkal ménta sadeupa. (Ku
sabab dibéré hate jadi loba paménta).
42. Dijieun hulu teu nyanggut, dijieun buntut teu ngépot. (Teu beunang
dijeujeuhkeun, teu beunang diandeulkeun).
43. Dikungkung teu diawur, dicangcang teu diparaban. (Pamajikan nu teu diurus
ku salakina, ditalak henteu, dinapakahan henteu).
44. Dipiamis buah gintung. (Disangka hadé haté ari kanyataan sabalikna).
45. Dogong-dogong tulak cau, geus gedé dituar batur. (Ngamumulé lanjang
pipamajikaneun, ari geus meujeuhna dikawin ku batur).

46. Élmu ajug. (Bisa mapatahan ka batur, tapi manéhna teu ngajalankeun).
47. Élmu angklung. (Jolédar ka kolot).
48. Endog sapatarangan tara megar kabéh. (Di antara dulur saindung sabapa sok
aya baé nu goreng milikna).
49. Endog sa sayang, peupeus hiji peupeus kabeh. (Mun aya saurang dulur nu
ngalakukeun codéka, dulur nu sejenna sok kababawa).

50. Galagah kacaahan. (Ngalajur napsu lantaran ka baud ku batur).
51. Gedé cahak manan cohok. (Leuwih gedé pangaluaran tibatan pangasilan).
52. Giri lungsi tanpa hingan atawa Giri lungsi tanpaingan. (Ulah ngahina sanajan
ka nu leutik).
53. Gindi pikir belang bayah. (Goréng hate, resep nyilakakeun batur).
54. Goong nabeuh manéh. (Muji atawa ngagulkeun diri sorangan).
55. Gunung luhur beunang diukur, laut jero beunang dijugjugan, tapi hate jelema
najan déét teu kakobét. (Nganyahokeun kahayang atawa eusi haté jelema
kacida héséna). 


56. Halodo sataun lantis ku hujan sakali. (Kahadéan nu sakitu lilana leungit ku

kagoréngan sakali).

57. Hambur bacot murah congcot. (Mindeng nyarékan tapi berehan).

58. Hantang-hantung hantigong hantriwéli. (Hadé rupa hade tagog, tapi taya

araheunana).

59. Hapa-hapa gé ranggeuyan. (Sanajan teu boga harta banda ogé leuheung

kénéh sabab boga salaki).

60. Hérang caina beunang laukna. (Hasil maksud kalawan teu ngaganggu batur).

61. Hulu gundul dihihidan. (Nu keur untung meunang untung deui).

62. Hurung nangtung siang leumpang. (Hirup méwah, némbongkeun kabeungharan

dina tingkah laku sapopoé).

 65. Jagangna ka urang, ari jagungna ka batur. (Urang nu hésé capéna, ari hasilna

beunang ku batur).

66. Jati kasilih ku junti. (Ménak kaéléhkeun ku rahayat biasa).

67. Jogjog neureuy buah loa. (Mikahayang hiji hal anu teu ngimbangan kaayaan

dirina).

68. Jojodog unggah ka salu. (Urut badéga jadi patih atawa jadi juragan).

69. Ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak. ( Layeut, sauyunan).

70. Ka luhur henteu sirungan, ka handap henteu akaran. (Teu jamuga, teu jujur

dina pagawéanana).

71. Ka luhur sieun gugur, ka handap sieun cacing. (Taya kawani).

72. Kabeureuyan mah tara ku tulang munding tapi ku cucuk peda. (Nu

ngalantarankeun cilaka teh biasana pasualan-pasualan leutik atawa sapélé).

73. Kacang poho ka lanjaran. (Poho ka asal wiwitan).

74. Kaciwit kulit kabawa daging. (Kabawa goréng ku kalakuan baraya anu salah).

75. Kajeun kendor asal ngagémbol ti batan gancang pincang. (Kajeun laun asal

salamet sangkan hasilna nyugemakeun).

76. Kajeun pait heula amis tungtung, manan amis heula pait tungtung. (Leuwih

hadé dicaritakeun heula banggana tibatan dibibitaan heula ku piuntungeunana

bisi ahirna kaduhung).

77. Kajeun panas tonggong asal tiis beuteung. (Kajeun capé digawé asal bisa

dahar kalawan cukup).

78. Kalapa bijil ti cungap. (Nyaritakeun rasih sorangan).

79. Kandel kulit beungeut. (Teu boga kaéra).

80. Kawas anjing tutung buntut. (Berebet ka ditu, berebet ka dieu, kawas anu

samar rasa).

81. Kawas awi sumaér di pasir. (Teu boga pamadegan, gampang kapangaruhan).

82. Kawas cai dina daun bolang. (Pangajaran atawa nasehat nu teu aya

nyangsangna).

83. Kawas cai dina daun taleus. (Naséhat atawa papatah nu teu nerap, teu boga

pamadegan).

84. Kawas gula jeung peueut. (Kacida layeutna).

85. Kawas hayam keur endogan. (Teu daék cicing lantaran hate kaweur atawa

geus teu sabar ngadagoan nu diarep-arep).

86. Kawas kacang ninggang kajang. (Nyarita kalayan norostos, capétang).

87. Kawas kapuk katebak angin. (Paburencay lantaran aya bahaya).

88. Kawas kuda leupas ti gedogan. (Ngumbar kahayang lantaran geus euweuh nu

ngahalang-halang).

89. Kawas pantun teu jeung kacapi. (Bisa mapatahan tapi teu bari jeung nyontoan).

90. Kawas ucing jeung anjing. (Babari atawa mindeng pasea).

91. Keur meujeuhna héjo lémbok, rambai carita. (Keur meujeuhna lubak-libuk

taya kakurang).

92. Kotok bongkok kumorolong, kacingcalang kumarantang. (Pipilueun nyarita).

93. Kudu ngukur kana kujur, nimbang kana awak. (Sagala rupa tingkah laku kudu

luyu jeung kaayaan diri sorangan).

94. Landung kandungan laér aisan. (Gede timbangan).

95. Lauk buruk milu mijah, piritan milu endogan. (Pipilueun nyarita atawa

ilubiung kana sarupaning urusan, padahal lain ahlina).

96. Legok tapak genténg kadék. (Loba luang jeung pangalaman).

97. Leuleus jeujeur liat tali. (Gedé timbangan, sabar darana).

98. Leuleus kéjo poéna. (Mimitina bengis, tapi beuki lila beuki bageur).

99. Leutik-leutik ngagalatik. (Leutik waruga, tapi wanian atawa loba kabisa).

100. Lieuk euweuh ragap taya. (Teu boga naon-naon, malarat).

101. Lodong kosong ngagelentrung. (Jelema bodo nu loba omong).

102. Luhur kuta gedé dunya. (Beunghar sarta gedé pangaruh).

103. Lungguh tutut bodo kéong, sawah sakotak kaider kabéh. (Lungguh atawa

cicing di.hareupeun jalma réa, tapi mun teu aya sasaha loba tingkahna)

104. Malémpéng pakel ku munding. (Ngalampakeun perkara nu moal pihasileun).

105. Malik ka temen. (Nu asalna babanyolan, tuluy jadi nyaan).

106. Malikkeun pangali. (Nempuhkeun kawajiban nu disérénkeun ka nu nyérénkeun

eta kawajiban ka manéhna).

107. Mampéngkeun kuya ka leuwi. (Nempatkeun jelema ka tempat anu dipikahayangna).

108. Mangkok emas eusi madu. (Jelema nu alus basa tur lampahna ogé hade).

109. Manuk ngapung ku jangjangna, jalma hirup ku akalna. (Unggal mahluk

Alloh dipaparin rupa-rupa alat pikeun nyiar kahirupanna).

110. Mapay ka puhu leungeun. (Kasalahan hiji budak/turunan sok mamawa

goréng ka kolotna).

111. Mapatahan ngojay ka meri. (Mapatahan jelema nu leuwih loba kanyaho

jeung pangalamanana).

112. Marebutkeun balung tanpa eusi. (Madukeun perkara nu teu aya hasilna).

113. Matih tuman batan tumbal. (Leuwih gedé hasilna ku sabab latihan ti batan

ku tumbal atawa ku jumpa-jampé).

114. Maut ka puhu. (Masalah budak mamawa ka kolot).

115. Maut nyéré ka congona. (Ripuh ka kolotnakeun).

116. Mébér-mébér totopang heureut. (Ngajeujeuhkeun rejeki saeutik supaya

mahi).

117. Meungpeun carang ku ayakan. (Api-api teu nyaho).

118. Mihapé hayam ka heulang. (Nitipkeun barang atawa amanat ka jelema nu

teu beunang dipercaya).

119. Mindingan beungeut ku saweuy. (Api-api teu nyaho kasalahan bawahan ku

sabab teu mampuh nindakna).

120. Moal aya haseup mun euweuh seuneu. (Moal aya masalah mun teu aya

sababna).

121. Mobok manggih gorowong. (Kabeneran aya jalan pikeun ngahasilkeun

usaha nu keur dipaju).

122. Monyét dibéré seséngkéd. (Dibéré jalan sangkan babari ngalakukeun

kajahatan).

123. Monyét kapalingan jagong. (Nu maling kapalingan, nu nipu katipu).

124. Monyét ngagugulung kalapa. (Nyaho luarna wungkul, teu apal saeutik-eutik

acan masalah nu sabenerna).

125. Mopo méméh nanggung. (Ngarasa teu sanggup ngalakukeun hiji pagawéan

saméméh éta pagawéan dicoba).

126. Moro julang ngaleupaskeun peusing. (Ngalésotkeun barang nu geus

kapimilik lantaran kabita ku nu leuwih gedé, padahal can tangtu hasilna).

127. Moro taya tingal kaya. (Pakaya nu geus aya ditinggalkeun lantaran hayang

meunang nu leuwih loba, tapi nyatana malah jadi leuwih walurat ti

saméméhna).

128. Mulih ka jati mulang ka asal. (Asal ti Alloh balik deui ka Alloh, maot).

129. Mun kiruh ti girang komo ka hilirna. (Upama pamingpin lampahna kurang

hade, komo deui nu dipingpinna).

130. Mun teu ngakal moal ngakeul, mun teu ngarah moal ngarih, mun teu

ngoprék moal nyapék. (Mun teu usaha moal boga rejeki).

131. Muncang labuh ka puhu, kebo mulih pakandangan. (Balik ti pangumbaraan

ka tempat asal kalahiran).

132. Murag bulu bitis. (Teu resep cicing di imah, resep udar-ador baé).

 133. Nangkeup mawa eunyeuh. (Mawa cilaka ka nu dipentaan tulung).

134. Nangtung di kariungan, ngadeg di karageman. (Musawarah).

135. Nepak cai malar cérét. (Api-api nanya sugan jeung sugan bisa nyaho

pasualan nu sabenerna).

136. Népakeun jurig pateuh. (Méré susah atawa mindahkuen kasusah ka batur).

137. Nénéh bonténg. (Ngogo ka budak, tapi mun ambek gampang neunggeul).

138. Nété porot, ngeumbing lésot. (Sagala ihtiar teu hasil).

139. Nété semplék nincak semplak. (Kitu salah kieu salah).

140. Nété tarajé nincak hambalan. (Pikeun ngahontal cita-cita kudu satahapsatahap).

141. Neukteuk bari anggeus, rokrok pondokeun, peunggas harupateun. (Heuras

haténa, teu sabar dina nyanghareupan sagala rupa kasusah jeung bari

luluasaan).

142. Neukteuk curuk dina pingping. (Nyilakakeun atawa ngahukum baraya atawa batur sagolongan).

143. Neukteuk méré anggeus. (Mutuskeun hubungan babarayaan).

144. Ngabéjaan bulu tuur. (Ngabéjaan perkara nu geus dikanyahokeun ku nu

dibéjaanana).

145. Ngaborétékeun liang tai di pasar. (Nyebarkeun rusiah sorangan nu matak

aéb).

146. Ngadagoan belut sisitan, oray jangjangan. (Ngaharepkeun hiji hal nu

mustahil kajadian).

147. Ngadagoan uncal mapal. (Ngadagoan rejeki bari teu jeung ihtiar).

148. Ngadaweung ngabangbang areuy. (Ngarasa waas pacampur sedih, panineungan

ka jaman nu geus kasorang).

149. Ngadék sacékna, nilas saplasna. (Ngomong satabarasna, teu diréka-réka).

150. Ngadu angklung. (Parebut omong, hayang paunggul-unggul).

151. Ngadu-ngadu raja wisuna. (Ngahudang amarah dua jelema sina parasea).

152. Ngagedag bari mulungan. (Ngajak nyarita ka batur sangkan beunang

rusiahna; nanyakeun hiji pasualan nu manéhna sorangan teu nyaho pasualan

nu sabenerna).

153. Ngajul béntang ku asiwung. ( Hal anu pamohalan bisa kalaksana).

154. Ngalétak ciduh. (Ngabatalkeun omongan nu geus dilisankeun).

155. Ngaliarkeun taleus ateul. (Nyebarkeun kagorengan batur).

156. Ngawur ka sintu nyieuhkeun hayam. (Ka batur mah béréhan, tapi ka dulur

sorangang kacida koretna).

157. Ngawurkeun wijen kana keusik. (Pagawéan nu mubadir).

158. Ngeplék jawér ngandar jangjang, miyuni hayam kabiri. (Babari éléhan).

159. Ngeupeul ngahuapan manéh. (Nyieun aturan anu nguntungkeun sorangan).

160. Ngimpi gé dianggir mandi. (Kacida teu panujuna).

161. Ngingu kuda kuru, ari geus lintuh nyépak. (Miara atawa ngaméménan jalma

walurat ari geus senang jadi cucungah).

162. Ngijing sila béngkok sembah. (Teu satia ka salaki atawa ka dunungan).

163. Ngudag-ngudag kalangkang heulang. (Ngaharep perkara nu samar bisa

kalaksanakeun).

164. Ngukur baju sasereg awak. (Hirup nyorangan teu daék pacorok jeung batur).

165. Ngusik-ngusik ula mandi, ngahudangkeun macan turu. (Ngagugat perkara

nu geus liwat nu bisa nimbulkeun pacogrégan).

166. Ninggalkeun hayam dudutaneun. (Ninggalkeun pagawéan nu can anggeus).

167. Nini-nini leungit sapeuting, tai maung huisan. (Dituduh pédah aya patalina

jeung kajadian nu jadi perkara).

168. Nu asih dipulang sengit, nu nyaah dipulang moha. (Ngalakukan kajahatan

ka jalma nu geus méré kahadéan).

169. Nu borok dirorojok nu titeuleum disimbeuhan. (Nu keur susah dipupuas,

atawa ditambahan kasusahanana).

170. Nu geulis jadi werejit nu lenjang jadi jadi baruang. (Nu geulis bisa jadi

ngabahlakeun ka lalaki atawa ka salaki).

171. Nu tani kari daki, nu dagang kari hutang. (Usaha nu kari ripuhna teu mawa

hasil).

172. Nulungan anjing kadempét. (Nu asih dipulang sengit).

173. Nyaeuran gunung ku taneuh. (Nambahan kauntungan atawa kakayaan nu

geus beunghar).

174. Nyair hurang meunang kancra. (Meunang untung tina usaha nu modalna

saeutik).

175. Nyaliksik ka buuk leutik. (Barang pénta atawa ngarah kauntungan ti nu

leutik).

176. Nyalindung ka gelung. (Hirup ngandelkeun banda atawa pangala pamajikan).

177. Nyanggakeun beuheung teukteukkeun, suku génténg bélokeun. (Masrahkeun

diri lantaran rumasa salah).

178. Nyecepo ka nu rarémpo. (Ngarendahkeun jalma teu boga).

179. Nyeungeut damar di suhunan. (Némbongkeun kabeungharan ku méré ka

deungeun-deungeun ngarah pamuji, ari ka kulawarga sorangan korét).

180. Nyeungseurikeun upih ragrag. (Nyeungseurikeun hiji kaayaan nu eta

kaayaan téh bakal karandapan ku manéhna).

181. Nyiar teri meunang japuh. (Meunang untung leuwih gedé tibatan nu

diharepkeun).

182. Nyiduh ka langit. (Mapatahan ka saluhureun).

183. Nyieun pucuk ti girang. (Nyieun jalan pipaséaeun).

184. Nyiuk cai ku ayakan. (Pagawéan nu mubadir, moal ngahasilkeun naonnaon).

185. Nyium bari ngégél. (Muji bari ngarah paméré).

186. Paanteur-anteur julang. (Nu tas nganteurkeun dianteurkeun deui ku nu

dianteurkeunnana).

187. Pacikrak ngalawan merak. (Nu lemah ngalawan nu leuwih kuat).

188. Pagirang-girang tampian. (Pada hayang punjul ti batur, teu daék silih

tulungan).

189. Papadon los ka kolong. (Nu jangji tara jadi).

190. Pasrah arit. (Pasrah nu teu dibarengan ku hate).

191. Pelengkung bekas nyalaban. (Mimitina mah hade kalakuanna téh, tapi

katerusnakeun kalah goréng).

192. Piit ngeundeuk-ngeundeuk pasir. (Mikahayang hiji hal nu teu loyog jeung

kaayaan dirina).

193. Pipilih nyiar nu leuwih, kocéplak meunang nu pécak. (Hayang meunang nu

leuwih alus, kalah meunang nu goréng).

194. Pindah cai pindah tampian. (Ngaluyukeun diri kana adat jeung kabiasaan di

pangumbaraan).

195. Pupulur méméh mantun. (Ménta buruhan méméh prak digawé).

196. Pur kuntul kari tunggul, lar gagak kari tunggak. (Dituding boga dosa

lantaran aya di tempat kajadian hiji kajahatan).

197. Rumbah caringin di buruan. (Geus moal aya nu ngingetan sabab geus teu

boga kolot atawa saluhureun).

198. Rup ku padung rap ku lemah, kaurugan taneuh beureum. (Inget saumurumur).

199. Sabobot sapihanéan, sabata sarimbagan. (Hirup akur, runtut-raut; sakasukasakaduka).
200. Sagalak-galak macan tara ngahakan anakna. (Sabengisna indung bapa moal
téga ka anakna).
201. Sagara tanpa tepi. (Euweuh anggeusna atawa euweuh béakna).
202. Sagolék pangkék sacangreud pageuh. (Pageuh nyekel jangji, tara jalir).
203. Sahérang-hérang cai béas. (Saberesih-beresih hate jelema nu geus
dinyenyeri pasti saeutikna masih nyangkaruk katugenah/kanyeri).
204. Sakiriciking duit sakocoping bogo. (Sagala rupa perkana nu boga daya tarik
kana haté).
205. Sakuru-kuruna lembu, saréngéng-réngéngna banténg. (Sakumaha teu
bogana jalma nu asalna beunghar, moal miskin-miskin teuing).
206. Saluhurna punduk, moal ngaliwatan hulu. (Sakumaha pintérna murid
(waktu harita), moal leuwih pintér ti guruna).
207. Sangsara di geusan betah. (Teu boga nanaon pisan ku sabab geus embung
usaha nyiar kipayah).
208. Sapi anut ka banténg. (Awéwé ngawula/nurut ka salakina).
209. Sapu nyéré pegat simpay. (Paturay, papisah).
210. Sari gunung. (Ti kajauhan mah katinggali geulis, tapi ti kadeukeutan mah
katempo goréng patut).
211. Sato busana daging, jelema busana élmu. (Nu matak diajénan ti hiji jelema
nya éta élmuna, lain dagingna kawas ka sato).
212. Sawaja sabeusi. (Salaki jeung pamajikan sarua martabatna).
213. Seuneu hurung cai caah. ulah disorang. (Jelema nu keur ngambek ulah
diheureuyan).
214. Seuneu hurung di pancaran. (Jelema nu keur ngambek ditambahan
piambekeunana).
215. Sereg di panto logor di liang jarum. (Teu bisa gaul di kalangan jalma hade
lantaran loba dosa).
216. Sieun képlok jadi bahé. (Nu tadina sieun rugi saeutik, akhirna teu meunang
nanaon).
217. Sirung ngaluhuran tunggul. (Jelema nu élmuna ngungkulan guruna).
218. Situ kaliung ku taman. (Nu heubeul éta nu bakal kawentar, lain nu anyar
kénéh).
219. Sono bogoh geus kalakon, lara wirang geus kasorang. (Geus cukup
pangalaman ngarasakeun suka-duka).
220. Suku dijieun hulu, hulu dijieun suku. (Digawe nyiar kipayah kalawan
méakkeun tanaga jeung pikiran).
221. Suluh besem ogé ari diasur-asur mah hurung. (Sanajan jelema sabar ari
hantem diheureuyan atawa dipapanas mah pasti bakal hudang amarahna).

222. Tacan aya nu nganjang ka pagéto. (Teu aya jalma nu bakal nyaho naonnaon
nu bakal kajadian di ahir).
223. Tamiang meulit ka bitis. (Kalakuan nu malindes ka diri sorangan).
224. Tangkal kai teu kalis ku angin. (Unggal jelema kudu baé nyorang kasusah
atawa cocoba).
225. Téng manuk téng (maruténg) anak merak kukuncungan. (Ngala ka bapa).
226. Teu beunang dikoét ku nu kékéd. (Jelema korét, teu beunang dipéntaan
tulung).
227. Teu beunang ditiwu leuweung. (Teu beunang dipikasono).
228. Teu gugur teu angin. ( Teu puguh alesannana).
229. Teu jauh ti tihang juru, teu anggang ti tihang tengah. (Nya goréng rupana
ogé goréng kalakuanna).
230. Teu unggut kalinduan teu gedag kaanginan. ( Kuat pamadegan, teu keuna
ku gogoda, teu kapangaruhan ku batur).
231. Titip diri sangsang badan. (Mihapékeun manéh, kumawula sangkan aya nu
méré dahar jeung paké).
232. Tikoro andon péso. (Nyampeurkeun pibalaieun, nyampeurkeun jelema nu
keur ambek ka urang).233. Totopong heureut, dibébér-bébér tangtu soéh, (Rejeki saeutik, mun dipaksakeun nyumponan sagala kahayang tangtu nu aya ukur kasusah).
234. Tugur tundan, cuntang gantang. ( Ngajalankeun pagawéan pikeun nagara).
235. Tunggul dirarud, catang dirumpak. (Ngalajur napsu, sagala aturan
dirempak).
236. Tungkul ka jukut, tanggah ka sadapan. (Junun kana gawé, teu kabéngbat ku
perkara séjén).

237. Ucing nyanding paisan. (Jelema nu nyanghareupan gogoda biasana tara bisa
nahan napsuna).
238. Ulah cara kembang malati, kudu cara picung. (Ulah ngurangan kanyaah,
tapi beuki lila kudu beuki nyaah).
239. Ulah ieu aing uyah kidul. (Ulah asa jadi jelema pangpunjulna).
240. Uncal kaauban surak. (Ngadéngé béja tacan sidik diandel enya baé).
241. Uncal mah tara ridueun ku tandukna. (Jelema pinter mah moal ridu ku
kapinteran atawa élmu pangaweruhna).
242. Uteuk dina tarang batur katingali, gajah depa dina punduk teu kanyahoan.
(Kagoréngan batur sanajan leutik ogé apal, ari cacad sorangan masing gedé
ogé teu karasa).
243. Uyah tara téés ka luhur. (Sipat indung bapa sok nurun ka anakna).

244. Watang sinambungan. (Nu boga perkara batur, nu diajak cékcokna urang).

 




Takut : sieun

Berani : wani

Susah : sesah, hésé

Mudah : gampil, babari, gampang

Kotor : ledok

Kaya : beunghar

Cantik : geulis Ganteng : kasep

Ibu = Pun Biang, Indung

Ibu Jari = Jempol

Ijin = Widi ; Diijinkan = Diwidian

Ikan = Lauk

Ilmu = Elmu

Ingat = emut/inget

Ingin = Hoyong, Palay, Hayang

Ingkar Janji = Jangji Sulaya

Istri = Garwa,Pun Bojo, Pamajikan

Itik = Meri

Itu-itu juga = Eta-eta keneh

Iya = Muhun, Sumuhun

ikan =  lauk

ikat pinggang = beubeur

ikatan = cangreud

ikut = ngilu

ikut = ngiring

ilmu = elmu

impi = impen

indah = endah

indah-indah =  arendah

indahnya =  endahna

ingat =  emut

ingat =  inget

ingat (jamak)  = aremut

ingin = hoyong

ingkar = jalir

ingus  =  leho

ini = ieu

injak = tincak

intip = toong

isi  = eusi

isinya =  eusina

istri  = bojo

istri  = pamajikan

itik, bebek  = meri

itu =  eta

Habis = Seep, Beak ;

Hari = Dinten, Poe

Harimau = Maung

Hewan = sato

Hidung = Pangambung, Irung

Hijau = Hejo

Hisap = Seuseup

Hitam = Hideung

Hitam Legam = Hideung Lestreng

Huruf = Aksara

Hutan = Leuweung

Hutan Rimba = Leuweung Geledegan

hamil, = bunting reuneuh

hancur = ancur

hancur menyatu dengan air =  leyur

hangat = haneut

hantu =  jurig

hanya, = cuma ngan

hapal, =  apal

harap = harep

harga = pangaos

harimau = maung

harta kekayaan = pakaya

harum = seungit

harus =  kudu

harus, mesti  = kedah

hasilnya =  hasilna

hati =  hate

hatinya =  hatena

haus, dahaga =  halabhab

haus, dahaga =  hanaang

heboh, gempar, ramai =  gujrud

hendak, mau,  = akan arek

hidup =  hirup

hidup =  hurip

hilang =  leungit

hinggap = eunteup

hitung = bilang

hitung = itung

hitung =  wilang

huruf  = hurup

Rupa-rupa harti Anak dina basa Sunda :

orok = anak jelema

bocokok = anak buhaya

begog = anak monyet

bedul = anak bagong

kuntit = anak belut

belo = anak kuda

bilatung = anak ucing

eneng = anak munding

cingok = anak bogo

pitik = anak meri

piyik = anak japati

nener = anak bandeng

menel = anak gajah

 Arah Mata Angin di Basa Sunda :

utara = kaler

timur = wetan

selatan = kidul

barat = kulon

Beri = béré, bikeun, parin (halus)

pemberian = paméréan, pamasihan (halus)

Terima = tarima, tampi (halus)

semua = kabeh, sadayana (halus)

banyak = loba / rea / seueur

bahwa = yen

bahkan = malah / malahan

Elang = Heulang

Elus = Usap

Empat = Opat

Enam = Genep

ekor = buntut

embun =  ibun

empuk = hipu

enak = ngeunah

enak, senang =  genah

endap  =  tamper

enggan, segan =  wegah

engkau = anjeun

eram, mengerami (telur) =  sileungleum

erat = pageuh

esok = isuk

Gabung = Rampak

Gadis = Parawan

Garam = Uyah

Garuda = Dadali

Garuk = Garo

Gatal = Ateul

Geli = Getek

Gelitik = Eleketek

Gembira = Gumbira

Gemuk = Bayuhyuh

Gerah = Hareudang, Kareunang

Gergaji = Ragaji

Gerobak = Gorobak

Gigi = Waos, Huntu

Gila = Gelo, Teu Eucreug

Golok = Bedog

Gula = Gula

galah = gantar

gampang = babari, cetek

ganteng =  kasep

ganti = gentos

garis = gurat

garuk  =  garo

gatal = ateul

gatal-gatal = merang

gebrak  = gebrag

gegabah =  lalawora

gegabah  =  gagabah

gelap = poek

geleng kepala  = gideug

geli = getek

gembira = atoh

gembira bingah

gembira bungah

gempa bumi = lini

genangan air hujan = leuncang

gendang = kendang

gendong = gandong

genit =  centil

genteng =  kenteng

gerah = hareudang

gerbang, pintu =  lawang

gerhana = samagaha

gerimis = girimis

gigi  = huntu

gigi = waos

gigi taring =  sihung

gigit = gegel, coco

gila = sedeng

golok =  bedog

gosong =  tutung

goyang (gigi) = ungger

goyang pinggul = geol

gunanya = gunana

gundah, gelisah (hati)  = tagiwur

gundul bersih tidak kotor =  lenang

gundul tak berambut = bolenang

Nama-nama waktu Basa Sunda :

Waktu : Waktos

Hari  : Dinten / poe

enjing : pagi

enjing-enjing : pagi pagi

Isuk-isuk : pagi pagi

Isukan : Besok

Pageto : Lusa

Siang : Siang / Beurang

Sonten : Sore

wengi / peuting : Malam

Wilujeng : Selamat

Wilujeng enjing : Selamat Pagi

Wilujeng Siang : Selamat Siang

Wilujeng Sonten : Selamat Sore

Wilujeng Wengi : Selamat Malam

Dada = Dada, Payun

Dagu = Gado,

Dahaga = hanaang, halahab

Dahak = reuhak,

Dahi = Taar, Tarang

Dampak = pangaruh

Dan =  jeung; (halus) sareng

Danau = Situ

Dangkal = deet

Dari = Ti

Dari Tadi = Titadi

Darimana = Kawit, Timanten

Daripada = tinimbang

Datang = Dongkap, Sumping, Mulang, Balik (bahasa kasar)

Daun-daunan = dangdaunan

Dekat = Caket, Deukeut

Delapan = Dalapan

Dengan = Sareng, Eujeung

Depan = Payun, Hareup

Desa = Lembur

Dia = Manehna

Diambil = dicandak

Diampuni = dihampura

Diantara = diantawis

Diantarkan = (halus) dijajapkeun

Dibagikan = dibagikeun

Dikesampingkan = Disingkahkeun

Dingin = Tiis (benda), Tiris (suhu)

Dibangun= diwangun

Dibawa =  dibantun; dicandak

Diberhentikan = dieureunkeun

Dibilang = diitung

Diciptakan = diciptakeun

Dompet = Loket

Dua Puluh Lima = Salawe

Dulu = Heubeul ;

Dahulu = Baheula

Dunia = Dunya

cabai = cabe

cabut = betot

cacat = cacad

cair = leeh

cakep = kasep

canda = heureuy;

cangkul = pacul,

cantik = geulis;

capung = papatong

caranya = carana

cari = teang, cariin = teangan

catat = catet

catatan = catetan

cebok = ngisang, ombeh

cebong = buruy

cegat = cegat; halang,

cegukan = sisidueun

cekik = cekek

celaka = cilaka,

celana = calana; lancingan

celangak-celinguk = culang-cileung

celeng = bagong

celup = lelep,

cemara = camara

cemas = hariwang;

cempaka = campaka

cenderung = condong;

cengar-cengir = sura-seuri

cengkram = ranggeum

cepat = gancang; (halus) enggal

cepat-cepat = geuwat,

cepatlah = geuwat

cerah = caang

cerai = pisah;

cerdik = pinter;

cerewet = bawel

cerita = carita;

cermat = taliti

cermin = kaca; eunteung,

ceroboh = gagabah; lalawora

cerobong = liang haseup

Borok = borok; budug

Bosan = bosen,

Botak = dugul, buleneng

Bra = beha

buah-buahan = bubuahan

buahnya = buahna

buang = piceun, membuang miceun, ^

buang air kecil = kiih; (halus) kahampangan, (terbuang kapiceun, dibuang-buang = dipiceunan, dibuang = dipiceun, )

buas = buringhas; galak,

buat /untuk = eukeur; (halus) kanggo,

buatan = jieunan; (halus) damelan

buaya = buhaya

budek = torek

buih = budah;

bujang = bujang; jajaka,

bujuk = olo; ngolo,

bukan = lain; (halus) sanes

bukankah = lainna

bukit = pasir

bukunya = bukuna

bulan sabit = bulan sapasi

bulan (kalender) = (halus) sasih,

bulat = buleud; bunder,

bumbu = bungbu; samara,

bumi = bumi; dunya,

buncit = buncir; bucitreuk

bundar = buleud; bunder

bundaran = bunderan

bunga = kembang;

bungkam = balem; bekem,

bunting = reuneuh;

bunyi = soara; (halus) soanten, bunyi-bunyian#tatabuhan

bupati = dalem

buritan = bagian tukang perahu

buru berburu = buru; moro,

buruk = goreng ; (halus) awon

burung = manuk,

burung hantu = bueuk


Abai = Antep

Abadi = Langgeng

Abu Rokok = Calacah

Ada = Aya

Adalah = Nyaeta

Adik = Rai, Adi, Pun Adi

Air = Cai , Ci

Ajar = Wuruk, Atik ; Belajar = Diajar ; Ajaran = Wurukan, Atikan

Akan = Bade, Arek

Akan = Bakal

Alis = Halis

Anak = Budak, Murangkalih

Anak Adik = Suan

Anak Kakak = Alo

Anak Kecil = Budak Leutik, Murangkalih

Aneh = Aheng

Angsa = Soang

Anjing = Gogog

Apa = Naon

Api = Seuneu

Asam = Haseum, Asem (Benda)

Asin = Asin

Asin Sekali = Molelel

Atas = Luhur

Ayam = Hayam

Maaf = Hapunten, Hampura

Main = Ameng, Ulin

Makan = Tuang (untuk orang lain) , Neda (untuk diri sendiri), Dahar (bahasa kasar)

Malam = Wengi / Peuting

Malas = Hoream

Mancung = Bangir

Mandi = Ibak, Mandi

Manis = Amis

Masa = Maenya, Piraku

Masalah = Perkawis, Masalah

Masih ada = Aya Keneh

Mata = Soca, Panon

Mata Hari = Panon Poe

Mata kaki = Mumuncangan

Mau = Hoyong, Kersa

Melamun = Ngalamun

Melarang = Nyaram, Nyarek

Membangun = Ngawangun

Membuka Rahasiah = Ngabolekerkeun

Memutuskan = Mutuskeun

Menakut-nakuti = Nyingsieunan

Menang = Kenging, Meunang

Menantu = Minantu

Menanyakan = Naroskeun, Tumaros

Mencair = Le eh

Mengenai = Ngenaan

Mengenang = Mieling

Menggaruk = Gagaro, Ngagaro

Menggigil = Ngadegdeg, Ngahodhod

Menginap = Mondok

Mengingat = ngemut

Menjawab = Ngawaler

Menunggu = Ngantosan, Ngadagoan

Menyaksikan = Nyiksenan

Menyerupai = Mangrupakeun

Menyesal = Kaduhung

Merah = Beureum

Merasa = Rumaos, Ngarasa

Merasa = Rumaos, Ngarasa

Merayakan = Ngareah-reuah

Mereka = Maranehna

Merem = Peureum

Merinding = Muringkak

Merpati = Japati

Mertua = Mitoha

Merupakan = Mangrupa

Minum = Eueut, Nginum

Muda = Anom, Ngora

Mudah = Gampil, Babari, Enteng, Gampang

Mungkin = Panginten, Meureun

Kaget = Soak, Reuwas

Kain = Layon, Kaen

Kakak = Raka, Lanceuk, Pun Lanceuk

Kakak Ipar = Dahuan

Kakek = Aki

Kaki = Sampean, Suku

Kalah = Kawon, Eleh, Keok

Kalian = Aranjeun, Maraneh

Kambing = Embe

Kami/Kita = Urang

Kamu = Anjeun, Hidep, Maneh (bahasa kasar)

Kanan = Katuhu

Kandang = Kurung

Kapan = Iraha

Karet Penghapus = Panghapus

Kasian = Karunya, Deudeuh

Katak/Kodok = Bangkong

Kawin = Nikah

Kayak/Seperti = Siga

Kayaknya = Sigana

Kayu = Kai

Kebahagiaan = kabagjaan

Kecil = Alit, Leutik

Kecoa = Cucunguk

Kelakar = Ngabodor

Kelingking = Cingir

Keluarga = Kulawarga

Kemarin = Kamari

Kemarin Lusa = Mangkukna

Kemauan = Kahoyong, Kahayang

Kenyak = Wareg

Kepala = Mastaka, Hulu, Sirah

Keras = Teuas ; Mengeras = Ngabagel, Neuasan

Kerbau = Munding

Keringat = Kesang

Kerja = Damel, Gawe ; Pekerjaan = Padamelan, Pagawean

Kertas = Keretas

Kesana = Kaditu

Kesini = Kadieu

Ketek = Kelek, Ingkab

Ketel = Katel

Ketika/Saat = Basa, Waktos

Kira-kira = Kinten-kinten

Kiri = Kenca

Kolam Ikan = Balong

Kolam Lumpur = Leuwi

Kota = Dayeuh

Kota Pinggiran = Pasisian

Kucing = Ucing

Kuku = Kuku, Tanggay

Kumis = Kumis, Rumbah

Kuning = Koneng

Kunyit = Koneng

Kupu kupu = Kukupu

Kura-kura = Kuya

Kurang = Kirang

Kursi = Korsi

Kurus = Peot

Kutilang = Cangkurileung

Nama-nama binatang dalam bahasa sunda :

Ayam = hayam

Burung = manuk

Capung = papatong

Cicak = cakcak

Harimau = maung

Ikan = lauk

Itik/bebek = entog/meri

Kecoa = cucunguk

Kelelawar = lalay/kalong

Kerbau = munding

Kodok = bangkong

Kucing = ucing

Kupu-kupu = kukupu

Kura-kura  = kuya

Lalat = laleur

Merpati = japati

Nyamuk = reungit

Sapi = sapi

Semut  = sireum

Tupai = bajing

Tikus = beurit

Ular = oray

Ulat = hileud 



Nama-nama Anggota badan dalam sunda:

Alis = halis

Bibir = biwir,  lambey

Dagu = gado

Dahi = tarang

Dengkul = tuur

Gigi = waos, huntu (kasar)

Hidung = irung, pangambung

Jari = ramo

Kaki = suku,  sampéan (halus)

Kepala = mastaka,  sirah (kasar)

Leher = beuheung

Lidah = letah

Mata = soca, panon

Paha = pingping

Pantat = bujur , imbit (halus)

Pantat = imbit, bujur

Perut = patuangan , beuteung

Pinggul = cangkeng

Pipi = pipi , damis

Punggung = tonggong

Rambut = buuk

Tangan = leungeun , panangan (halus)

Telinga = cepil, ceuli (kasar)

Nama buah-buahan :

Belimbing = Balingbing

Bengkuang = bangkuang

Biji = siki

Durian = kadu

Jambu Biji = Jambu Batu

Kedongdong = kadongdong

Kelapa = kalapa

Kentang = kentang

Mangga = buah

Manggis = manggu

Mentimun = bonténg

Nanas = ganas

Pepaya = gedang

Pisang = cau

Pohon = tangkal

Rambutan = rambutan

Semangka = samangka

Singkong = Sampeu

Ubi = hui

 Arti Kehed = Sialan

BABASAN DINA BASA SUNDA :

1. Abong biwir teu diwengku, létah teu tulangan. (Jelema anu ngomongna

sakarep sorangan).

2. Adep-adep. (Kumawula).

3. Agul ku payung butut. (Ngagulkeun luluhur/karuhun sorangan).

4. Ajak jawa. (Sarua jeung tawar gatra, nawaran tapi teu saenyana).

5. Akal koja. (Pinter dina kagorengan atawa kajahatan).

6. Aki aki tujuh mulud. (Lalaki nu geus kolot pisan).

7. Along-along bagja. (Teu tulus meunang bagja).

8. Ambek nyedek tanaga midek. (Kacida ambekna tapi teu boga daya pikeun

ngalawananana).

9. Ambekna sakulit bawang. (Babari ambek).

10. Amis budi. (Alus budi parangina).

11. Amis daging. (Gampang katerap panyakit kulit).

12. Anak tilu keur kumusut. (Awéwé nu geus boga anak nu teu bisa ngurus dirina).

13. Anggeus-anggeusan. (Bébéakan).

14. Apal cangkem. (Apal tapi teu ngarti maksudna).

15. Asa bucat bisul. (Lugina sanggeus ngaréngsékeun pagawéan beurat).

16. Asa dijual payu. (Pada ninggalkeun di panyabaan/pangumbaraan).

17. Asa dina pangimpian. (Teu percaya kana hiji kaayaan bawaning ku hélok).

18. Asa dipopokan tai. (Ngarasa pohara diwiwirangna).

19. Dipupuk birus. (Ngarasa tibra/rineh haté).

20. Asa ditonjok congcot. (Kacida atohna lantaran dibéré barang anu

dipikahayangna).

21. Asa kagunturan madu, kaurugan menyan putih (Kacida atohna).

22. Asa kaindit. (Rarasaan waktu ngadéngé sora nu hébat atawa raraméan nu

pohara; asa kajurung).

23. Asa katumbu umur. (Asa atoh ku lantaran ditulung dina keur kaayaan kacida

susahna).

24. Asa kiamat. (Pohara ngarasa susahna jeung sedih luar biasa).

45. Babalik pikir. (Robah lampah jadi hade).

46. Balég tampélé. (Mangkat begér, wani ditukangeun ari dihareupeun éra kénéh).

47. Bali geusan ngajadi. (Lemah cai tempat dilahirkeun).

48. Balik ngaran. (Maot di panyabaan).

49. Bangbang koléntang. (Sagala euweuh, teu boga duit pisan).

50. Banting tulang. (Digawé paeh poso, popohoan).

51. Batok kohok piring semplék. (Paparabotan nu taya hargana).

52. Batur ngalér ieu ngidul. (Lain-lainna jeung anu keur diomongkeun ku batur

lantaran saliwang atawa teu pati ngarti kana caritaan salah saurang nu keur

ngariung).

53. Bau-bau sinduk. (Baraya kénéh sanajan geus laér).

54. Beak déngkak. (Geus béak tarékah).

55. Beak ka lebu-lebuna. (Teu nyésa saeutik-eutik acan).

56. Belang bayah. (Goréng hate).

57. Béngkok tikoro. (Teu kabagéan dahareun lantaran teu datang atawa geus

béakeun mantén).

58. Beurat nyuhun beurat nanggung. (Kacida tumarimana, nuhun pisan).

59. Beurat birit. (Kedul).

60. Beuteung anjingeun. (Beuteung anu gedé ka luhur).

61. Beuteung mutiktrik berekat meunang. (Nu tas dahar seubeuh di nu hajat ari

balik mawa berekatna deuih).

62. Bihari ngalingling pasir, ayeuna ngalanglang pasar. (Jaman geus robah, loba

jelema nu ganti pacabakan atawa robah tingkah lakuna).

63. Birit sééng. (Hideung lestreng).

64. Bisa jeujeuh pakeun. (Bisa ngatur rejeki).

65. Bisi aya cai ti cai geusan mandi. (Bisi aya nu kasigeung atawa katoél

mamaras rasa).

66. Biwir nyiru rombéngeun. (Resep nyaritakeun cécék bocék jeung nu saenyana

kudu dirusiahkeun).

67. Bluk nyuuh blak nagkarak. (Kabina-bina rajinna dina enggoning nyiar

kipayah).

68. Bobo sapanon carang sapakan. (Teu puguh undak-usukna teu bérés éntép

seureuhna).

69. Bobor karahayuan. (Katarajang apes, cilaka atawa meunang kasusah).

70. Bodo aléwoh. (Bodo tapi bari daék tatanya).

71. Bodo katotoloyoh. (Bodo bari tara daék tatanya).


25. Asa peunggas rancatan. (Leungiten ku jelma anu kapercaya atawa nu jadi

andelan/loba jasana).

26. Asa rawing daun ceuli. (Mindeng ngadéngé omongan nu teu ngeunah).

27. Asa teu beungeutan. (Kacida érana).

28. Asa nyanghulu ka jarian. (Teu ngeunah rasa lantaran kudu ngadunungan ka

jalma anu sahandapeun pangartina atawa harkatna).

29. Atah adol. (Kurang ajar).

30. Atah warah. (Kurang atikan).

31. Ateul biwir. (Teu kuat hayang milu nyarita).

32. Ateul dampal leungeun. (Kacida keuheulna).

33. Awak kawas badawang. (Awak gedé kalawan teu matut).

34. Awak sabeulah. (Iimah sorangan, teu aya pamajikan/salaki).

35. Awak sampayaneun. (Jangkung leutik atawa lenjang).

36. Awét jaya, awét ngora. (Katénjona siga ngora baé).

37. Awét rajét. (Laki-rabi nu lana, tapi loba pisan pacéngkadanana).

38. Awéwé mah dulang tinandé. (Awéwé mah biasana kumaha lalaki).

39. Aya bagja teu daulat. (Rék meunang bagja ngan teu tulus).

40. Aya buntutna. (Aya terusna tina perkara nu nguciwakeun).

41. Aya gantar kakaitan. (Aya hal anu teu sapuk jeung haténa tapi teu

dikedalkeun, teu ihlas pisan).

42. Aya jodo pakokolot. (Bisa ngajodo sanggeus duanana pada-pada kolot).

43. Aya pikir kaping buri. (Aya maksud anu teu dikedalkeun).

44. Ayak-ayak beas, nu badag moncor nu lembut nyangsang. (Kaayaan nu sarwa

teu adil).

 72. Boga pikir rangkepan. (Henteu ujug-ujug atawa gampang percaya kana

omongan batur nu manis).

73. Boga sawah saicak. (Boga sawah leutik).

74. Bohong dirawuan. (Kacida rahulna).

75. Borangan ku surak. (Éraan dina gempungan jelema réa).

76. Bru di juru bro di panto, ngalayah di tengah imah. (Barangteundeun teu

puguh tempatna).

77. Buah ati. (Kakasih, anak nu dipideudeuh).

78. Buburuh nyatu diupah béas. (Meunang dua kauntungan).

79. Budak bau jaringao kénéh. (Budak olol-lého, budak can aya kanyaho).

80. Bujang jenggléngan. (Jajaka tulén sarta tegep).

81. Bujang tarangna. (Lalaki nu tacan kungsi kawin tapi geus lain bujang deui).

82. Buncir leutik loba duit. (Beunghar).

83. Buntu laku. (Teu bisa neruskeun usaha).

84. Buntut kasiran. (Korét, kumed).

85. Bur beureum bur hideung hurung nangtung siang leumpang. (Hirup senang

taya kasusah, salilana ginding).

86. Buruk-buruk papan jati. (Sanajan ngéwa ka dulur nu landes tapi teu téga

ngantep).

87. Burung palung dulur sorangan. (Teu téga ngantep ka dulur sanajan ngéwa).

88. Buta jaladara. (Jelema nu bisa nahan napsuna, nu teu resep ngumbar napsu

amarah).

89. Buta térong. (Pamoyok ka jalma nu goréng patut, turug-turug sagala beuki).

90. Butamuna. (Bodo balilu, teu nyaho naon-naon).

91. Caang bulan opat welas, jalan gedé sasapuan. (Rido pisan).

92. Caang padang narawangan. (Panganteb kana caang pikir).

93. Caang pikir. (Calakan, bisa gancang mikir).

94. Cacag nangkaeun. (Teu bérés, teu rata).

95. Cacah rucah atah warah. (Somah nu dianggap teu aya ajénna sarta bodo).

96. Cadu mungkuk haram dempak. (Minangka sumpah moal daék ngéléhan

maneh).

97. Campaka jadi di reuma. (Nu geulis urang lembur atawa kampung nu di

pasisian).

98. Capé gawé teu kapaké. (Hanas capé ari hasil pagawéanana dicawad ku nu

nitah).

99. Cara embé. (Embung mandi, sieun ku cai).

100. Cara merak. (Beuki pisan kana lada).

101. Caringcing pageuh kancing. (Taki-taki mageuhan tulak).

102. Ceuli léntaheun. (Sadéngé-déngé, padahal lain déngékeuneunana).

103. Cilaka dua belas. (Cilaka pohara).

104. Ciri sabumi cara sadesa. (Adat kabiasaan di unggal daérah atawa nagara

béda-béda).

105. Clik putih clak bodas. (Rido, iklas, kaluar tina haté nu beresih).

106. Cucuk rungkang. (Teu adil dina ngabagikeun barang).

107. Cukang tara néangan nu ngising. (Nu hayang ditulungan sapantesna datang

ka nu rék dipéntaan tulungna).

108. Curiga manjing warangka. (Maot sampurna balik ka asal).


117. Deukeut deuleu pondok léngkah. (Kurang pamandangan jeung teu pati bébas

dina indit-inditan).

118. Deungeun haseum. (Teu baraya saeutik-eutik acan).

119. Dimangsabodokeun. (Dikumahakarepkeun, teu dipiroséa).

120. Dibabuk lalay. (Diperekpek ku paneunggeul, diteunggeulan).

121. Dibeulah hoé. (Disiger tengah-tengah, buukna disisiran).

122. Dibeuweung diutahkeun. (Dipikir bulak-balik).

123. Didagoan ku sééng nyéngsréng. (Didagoan ku kabutuh rumah tangga atawa

pangabutuh nu miskin).

124. Dihin pinasti anyar pinanggih. (Sagala rupa nu kaalaman ayeuna saéstuna

geus ditangtukeun ti heula ku Pangéran).

125. Dihurun suluheun. (Disamuratkeun jeung nu boga dosa).

126. Dijieun lalab-rumbah. (Dimomorékeun, dianggap teu sabaraha).

127. Dikepung wakul buaya mangap. (Dikepung ku musuh anu samakta

pakarang).

128. Dikerid peuti. (Euweuh nu tinggaleun, dibawa kabéh).

129. Disakompét daunkeun. (Disamarutkeun jeung nu boga dosa, padahal teu

pipilueun).

130. Disiksik dikunyit-kunyit, dicacag diwalang-walang. (Dihukum beurat pisan,

dihukum pati).

131. Disuhun dina embun-embun. (Ditarimakeun pisan).

109. Dagang peda ka Cirebon. (Henteu payu daganganana sabab ngajual ka

tukangna).

110. Dah bawang dah kapas. (Tah barangna, tah duitna).

111. Dahar kawas meri. (Uprat-aprét jeung ngarémeh).

112. Dahar sakésér daun. (Daharna mindeng pisan).

113. Datang katingali tarang, undur katingali punduk. (Datang kanyahoan, balik

ogé kanyahoan).

114. Dédéngé tara. (Neruskeun béja anu tacan sidik pisan).

115. Deugdeug tanjeuran. (Pada ngadeugdeug, pada nongton sabab jadi

tongtonan).

116. Deukeut-deukeut anak taleus. (Teu nyaho yén baraya, padahal geus lila

padeukeut imah).

117. Deukeut deuleu pondok léngkah. (Kurang pamandangan jeung teu pati bébas

dina indit-inditan).

118. Deungeun haseum. (Teu baraya saeutik-eutik acan).

119. Dimangsabodokeun. (Dikumahakarepkeun, teu dipiroséa).

120. Dibabuk lalay. (Diperekpek ku paneunggeul, diteunggeulan).

121. Dibeulah hoé. (Disiger tengah-tengah, buukna disisiran).

122. Dibeuweung diutahkeun. (Dipikir bulak-balik).

123. Didagoan ku sééng nyéngsréng. (Didagoan ku kabutuh rumah tangga atawa

pangabutuh nu miskin).

124. Dihin pinasti anyar pinanggih. (Sagala rupa nu kaalaman ayeuna saéstuna

geus ditangtukeun ti heula ku Pangéran).

125. Dihurun suluheun. (Disamuratkeun jeung nu boga dosa).

126. Dijieun lalab-rumbah. (Dimomorékeun, dianggap teu sabaraha).

127. Dikepung wakul buaya mangap. (Dikepung ku musuh anu samakta

pakarang).

128. Dikerid peuti. (Euweuh nu tinggaleun, dibawa kabéh).

129. Disakompét daunkeun. (Disamarutkeun jeung nu boga dosa, padahal teu

pipilueun).

130. Disiksik dikunyit-kunyit, dicacag diwalang-walang. (Dihukum beurat pisan,

dihukum pati).

131. Disuhun dina embun-embun. (Ditarimakeun pisan).

132. Disusul tepus. (Ditéangan terus nepi ka beunang).

133. Ditangtang diténgténg dijieun bonténg sapasi. (Digulang-gapér).

134. Diuk nangtung asa lanjung. (Keur loba kabingung).

135. Dogdog pangréwong. (Bantuan anu lumayan pisan).

136. Dosa salaput hulu. (Bakat teuing ku loba dosa).

137. Dug hulu pet nyawa. (Digawé beurat teu aya eureunna).

138. Duit pait. (Duit teu meunang dipaké pikeun kaperluan pribadi).

139. Dukun lintuh panyakit matuh. (Kalah loba ngaluarkeun duit jang mayar

dukun tapi panyakit angger teu cageur).

140. Dulur pet ku hinis. (Dulur teges, dulur saindung sabapa).

141. Duum tinggi. (Ngabagikeun naon-naon henteu adil).

 142. Éléh papan. (Teu meunang kasempetan maén ti heula).

143. Élmu sapi. (Guyub dina hal nu kurang hade).

144. Élmu tumbila. (Nu boga imah ngarugikeun tamuna).

145. Élmu tungtut dunya siar, sukan-sukan sakadarna. (Hirup kudu bari nyiar

élmu pikeun kasalametan dunya ahérat sarta kudu siger tengah).

146. Elok bangkong. (Nuju sakarat, ngan kari tunggu dawuh baé).

147. Embung kalangkangan. (Embung kaéléhkeun).

148. Éncer uteuk. (Calakan).

149. Endog mapatahan hayam. (Nu sangoraeun mapatahan ka nu sakoloteun).

150. Éra parada. (Era ku lampah batur atawa ku omonganana nu matak aéb).

151. Euweuh élmu panungtungan. (Élmu mah moal aya béakna).

152. Euweuh nu ngaharu-biru. (Euweuh nu maliré atawa euweuh nu ngaganggu).


153. Gagalana. (Jagona, kokojona).

154. Galak sinongnong. (Mimiti sir ka awéwé, can wani adu hareupeun).

155. Galak timburu. (Babari timburuan).

156. Galédéh gado. (Daréhdéh, tapi henteu terus kana haté).

157. Gancang pincang. (Gancang (dina gawé) tapi teu pati bener).

158. Gantung déngé. (Ngarasa hanjakal, hayang kénéh ngadéngékeun tapi anggeus mantén).

159. Gantung teureuyeun. (Ngarasa hanjelu, barangdahar hayang kénéh kapaksa

dieureunkeun).

160. Garo-garo teu ateul. (Gagaro tukangeun ceuli nandakeun bingung atawa

keuheul).

161. Garo maling. (Gagaro bari teu sadar).

162. Garo singsat. (Gagaro bari nyingsat lantaran geus teu sabar atawa lantaran

ambek).

163. Gedé gunung pananggeuhan. (Boga baraya luhur pangkat, gedé dunya.

dipaké andelan pibisaeun atawa pibakaleun nulungan dina perluna).

164. Gedé hulu. (Adigung).

165. Geledug cés. (Hébat mimitina wungkul, ari tuluyna henteu sabaraha atawa

mudedes pisan).

166. Gemah ripah loh jinawi. (Gegek cacah jiwana sarta raharja).

167. Géntél kéak. (Méh teu lésot (budak ti indungna), lamun dilésotkeun sok

ceurik).

168. Genténg-genténg ulah potong. (Sanajan hasilna teu sabaraha keun baé

tinimbang luput).

169. Gering nangtung. (Ngalanglayung, ngareunggeuy, teu gering parna, tapi teu

séhat bener ogé henteu).

170. Gering pikir, (Boga kasusah atawa kasedih).

171. Getas harupateun, (Babari ambek, babari anggeus-anggeusan).

172. Geugeut manjahan, (Nénéh bonténg ngan teu nepi ka neunggeul).

173. Geulis panon, (Susuganan).

174. Geulis sisi, laur gunung, sonagar huma, (Ari rupa mah tegep ngan dangong

dusun).

175. Geus apal luar jerona. (Geus nyaho kalakuan jeung tabéat jelema).

176. Geus aya dina pésak. (Geus kanyahoan rusiahna).

177. Geus aya kembang-kembangna. (Geus aya hal-hal anu nimbulkeun harepan

kana hasil maksud).

178. Geus bijil bulu mayang. (Geus balég, mimiti begér (budak lalaki).

179. Geus cumarita. (Geus kawin sarta imah-imah sorangan).

180. Geus karasa pait peuheurna. (Geus kaalaman sagala rupa nu teu ngeunahna

atawa nu matak susah).

181. Geus labuh bandéra. (Geus diputus perkara).

182. Geus nahi kana kopi. (Teu ngareunah mun teu nginum kopi, geus nyandu

kana kopi).

183. Geus nyanghulu ngalér. (Geus maot).

184. Geus turun amis cau. (Mangkat begér, geus témbong kawanitaanna).

185. Ginding kekempis. (Ginding tapi teu boga duit).

186. Goréng peujit. (Goréng hate).

187. Goréng sisit. (Goréng milik).

188. Gulak-giluk kari tuur, hérang-hérang kari mata, teuas-teuas kari bincurang.

(Asal beunghar jadi miskin, teu boga naon-naon nu aya hargana).

189. Gunung kapitan sela. (Budak awéwé nu boga lanceuk lalaki hiji jeung adi

lalaki hiji).

190. Gunung tanpa tutugan sagara tanpa tepi. (Taya wates-watesna).

191. Gurat batu. (Keukeuh, kukuh).

192. Gurat cai. (Teu puguh jangjina, sok robah tangtungan).

193. Guyur salelembur, éar sajajagat. (Pohara geunjleungna).


194. Hadé gogog hadé tagog. (Hadé basa hade tata).

195. Hadé ku omong goréng ku omong. (Sagala rupa perkara biasana dianggap

alus jeung goréng ku batur, gumantung kana caritaan urang).

196. Hampang birit. (Daékan).

197. Hampang leungeun. (Babari neunggeul).

198. Handap asor. (Daék ngahormat ka batur).

199. Handap lanyap. (Hornat tapi matak nyéntug kana haté).

200. Hapa hui. (Taya panarimana, teu aya pamales budi ka nu geus nyieun

kahadéan).

201. Harelung jangkung. (Kacida jangkungna).

202. Haréwos bojong. (Omongan nu diharéwoskeun tapi kadéngé ku nu deukeut

ka nu diharéwoskeun).

203. Harigu manukeun. (Nonjol ka hareup hariguna).

204. Haripeut ku teuteureuyeun. (Totoroso pisan kana urusan pirejekieun).

205. Harus omong batan goong. (Béja nu ngandung pituah gancang pisan

nyebarna bari sok ditarambahan nepi ka asalna sajeungkal jadi sadeupa).

206. Haseum budi. (Leuwih loba cemberut jeung baeud tibatan seuri atawa

marahmay).

207. Haseum kawas cuka bibit. (Kurawed haseum, teu méré budi pisan).

208. Hawara biwir. (Resep ngabéjakeun-béjakeun perkara anu tacan tangtu bakal

dilaksanakeun).

209. Hayang leuwih jadi léwéh. (Hayang untung malah rugi).

210. Hayang untung jadi buntung. (Tinimbang untung kalah rugi).

211. Héjo carulang. (Warna kulit awéwé anu alus rada ngoraan tina hideung

santen).

212. Héjo cokor badag sambel. (Dusun pisan).

213. Héjo tihang. (Teu cééhan, resep pipindahan, resep gunta-ganti pagawéan).

214. Henteu cai hérang-hérang acan. (Teu disuguhan naon-naon).

215. Henteu jingjing henteu bawa. (Henteu mawa naon-naon keur oléh-oléh ka

nu dijugjug).

216. Herang caina beunang laukna. (Nu dipikahayang bisa laksana tur teu

nganyenyeri batur).

217. Heueuh-heueuh bueuk. (Nyatujuan ari di.luar mah, ngan bae henteu terus

jeung hatena).

218. Heuras genggerong. (Teu bisa ngangeunahkeun haté batur ku omongan).

219. Heureut pakeun. (Teu réa kaboga, saeutik pangasilan).

220. Heurin ku létah. (Hayang jeung perlu ngabéjakeun hiji perkara ngan sieun

pok kulantaran loba karisi karémpan).

221. Hideung ngabangbara. (Hideung meles sarta hérang).

222. Hideung ogé buah manggu, matak tigurawil bajing. (Nyolong badé, salah

duga).

223. Hirup di nuhun, paéh dirampés. (Tanda geus pasrah).

224. Hirup katunggul ku pati. (Hirup ditungtungan ku maot).

225. Hirup ku ibun gedé ku poé. (Sasat euweuh nu ngurus, hirup kalantar).

226. Hirup ku panyukup gede ku pamere. (Hirup samahi-mahi ku pamere batur

bae, sabab teu purun hojah sorangan dina enggoning nyiar kipayah).

227. Hirup sapait samamanis. (Rukun, sabagja sacilaka).

228. Hirup teu neut, paéh teu hos. (Terus-terusan gering ripuh, tapi teu maot).

229. Huap hiji diduakeun. (Ngirit-ngirit kaperluan sapopoé, supaya bisa

nyumponan kaperluan anak atawa saha baé anu perlu dibélaan).

230. Hujan cipanon. (Loba ceurik).

231. Huleng jentul. (Némbongkeun paroman anu ngandung kasusah, mindeng

ngajentul).

232. Hurip gusti waras abdi. (Salamet raja katut rahayatna).

233. Hutang salaput hulu. (Loba pisan hutangna nepi ka samar bisa kabayar).

234. Hutang uyah bayar uyah. (Amal perbuatan sok aya wawalesna).


248. Jadi cikal bugang. (Pangheulana kasambut di pangperangan).

249. Jadi kembang carita. (Jadi bahan carita nu narik perhatian dina riunganriungan).

250. Jadi kulit jadi daging. (Jadi kabiasaan nu hésé dipiceunna).

251. Jadi sabiwir hiji. (Pada muji kahadéanna).

252. Jajar pasar. (Sedeng atawa meujeuhna rupana).

253. Jaksi sajantung. (Rupa bitis anu alus).

254. Jalma manuk. (Jelema primitip nu masih kénéh sok pipindahan, henteu

matuh di hiji tempat = nomaden).

255. Jalma pasagi. (Jelema boga, réa kabisa, turunan hadé).

256. Jaman cacing dua duit. (Jaman baheula pisan).

257. Jaman tai kotok dilebuan. (Jaman buhun).

258. Jantung ati. (Kakasih).

259. Jauh ka bedug carang ka dayeuh. (Dusun, teu nyaho ditata adat).

260. Jauh tanah ka langit. (Kacida bédana).

261. Jauh-jauh panjang gagang. (Hanas jauh-jauh ogé dijugjug, ari pék teu hasil

nu dimaksud) .

262. Jelema balung tunggal. (Jelema bedas pisan).

263. Jelema kurang jejeg. (Teu pati bérés pikiranna).

264. Jelema sok keuna ku owah gingsir. (Umumna jelema sok robah tangtunganana

tara kuat nahan gogoda).

265. Jelema teu balég. (Jelema teu bener).

266. Jelema pasésaan. (Jelema nu kungsi gélo).

267. Jiga tunggul kahuru. (Goréng patut).

268. Jual dedet. (Ngajual barang satengah maksa).

269. Jumorojog tanpa larapan. (Datang teu ngiberan heula ka nu saluhureun

atawa ka nu can wawuh).


235. Ieu aing. (Sombong, adigung).

236. Igan aragas kawas gambang. (Kacida kuruna nepi kaciri tulang-tulang

igana).

237. Ilang tanpa karana. (Leungit teu puguh sababna).

238. Indit sirit. (Indit saréréa saeusi imah).

239. Indung hukum bapa darigama. (Papadon agama jeung nagara).

240. Indung suku gé moal dibéjaan. (Niat pageuh nyekel rusiah).

241. Indung tunggul rahayu, bapa tangkal darajat. (Kasalametan jeung kabagjaan

nu jadi anak gumantung kana karidoan jeung doa indung-bapa).

242. Inggis batan maut hinis. (Kacida inggisna atawa paurna).

243. Inggis ku bisi rémpan ku sugan. (Sieun ku rupa-rupa hal anu can tangtu

kasorang).

244. Inget-inget poho. (Asa inget asa poho).

245. Ipis biwir. (Épés méér, babari ceurik).

246. Ipis kulit beungeut. (Gedé kaéra).

247. Ipis wiwirang. (Kurang kaéra).

270. Kabawa ku sakaba-kaba. (Kabawakeun lampah teu puguh ku batur,

kapangaruhan ku batur).

271. Kacanir bangban. (Kawiwirang, meunang kaéra).

272. Kaceluk ka awun-awun. (Kamashur ka mana-mana).

273. Kaduhung tara ti heula. (Ngarasa hanjakal mah tangtu tara saméméh migawé

kasalahan).

274. Kagok asong. (Kapalang geus nyanggupan, teu bisa mundur deui).

275. Kahieuman bangkong. (Siga beunghar padahal mah kapihapéan banda

batur).

276. Kahutangan budi. (Geus narima kahadéan ti batur).

277. Kajejek ku hakan. (Hasil usaha ngan beak keur kaperluan dahareun wungkul).

278. Karawu kapangku. (Sagala pagawéan kacabak jeung hasilna hadé).

279. Katempuhan buntut maung. (Katempuhan urusan atawa kasusah batur).

280. Kapiheulaan ngaluluh taneuh. (Hudang kabeurangan).

281. Kapipit galih kadudut kalbu. (Kapincut, bogoh).

282. Kasép ngalémpéréng konéng. (Nya kasép nya ginding).

283. Kasuhun kalingga murda. (Katarima pisan lahir batin).

284. Katindih ku kari-kari. (Katuding atawa kasangka pédah aya patalina jeung

kajadian perkara).

285. Kausap sétan. (Kagoda ku sétan nepi ka wani ngalampahkeun kajahatan

atawa pagawéan ma’siat).

286. Kawas aeud. (Goréng budi; bangor).

287. Kawas anu teu dibedong. (Kaluar asup tara meundeutkeun panto).

288. Kawas bayah kuda. (Bélél pisan).

289. Kawas beubeulahan térong. (Sakarupa pisan siga nu kembar).

290. Kawas beusi atah meuleum. (Geuneuk).

291. Kawas bodor réog. (Jelema anu tingkah lakuna pikaseurieun).

292. Kawas bueuk meunang mabuk. (Ngeluk jeung teu wani ngomong da rumasa

boga dosa).

293. Kawas bujur aseupan. (Diuk teu daék cicing).

294. Kawas careuh bulan. (Nu diwedak kandel teuing).

295. Kawas ciduh jeung reuhak. (Sarua goréngna).

296. Kawas cucurut kaibunan. (Goréng patut sarta pikarunyaeun).

297. Kawas dodol bulukan. (Jelema hideung diwedakan teu rata).

298. Kawas durukan huut. (Pibahayaeun anu teu kaciri sarta beuki lila beuki

gedé).

299. Kawas ékék. (Ka nu papakéan sarwa héjo).

300. Kawas gaang katincak. (Répéh sapada harita, ngadadak jempling).

301. Kawas gateuw. (Teu bisa liar lantaran gering atawa geus rarémpo).

302. Kawas hayam panyambungan. (Talamba-tolombo dina riungan lantaran

euweuh nu wawuh).

303. Kawas heulang pateuh jangjang. (Teu bisa walakaya lantaran teu boga nu

diandelkeun).

304. Kawas himi-himi. (Méh salilana babarengan, tara daék papisah).

305. Kawas jelér kasaatan. (Teu daék cicing).

306. Kawas jogjog mondok. (Cékcok, récok, gandéng ku nu ngomong pabedasbedas).

307. Kawas ka budak rodék hulu. (Ngahina, kawas ka jelema nu bodo atawa

kawas ka budak nu bolon kénéh).

308. Kawas kedok bakal. (Kacida goréng patutna).

309. Kawas langit jeung bumi. (Pohara bédana).

310. Kawas lauk asup kana bubu. (Hésé kaluar deui tina salah sahiji lingkungan

lantaran katalian ku jangji atawa ku aturan).

311. Kawas leungeun nu palid. (Ngopépang, sagala dicabak atawa dicekel).

312. Kawas nu kékéd. (Teu bisa barangbawa).

313. Kawas nu meunang lotré. (Meunang rejeki gedé nu teu disangka-sangka).

314. Kawas rama jeung sinta. (Nurub cupu).

315. Kawas siraru jadi. (Riab ka mana-mana).

316. Kawas supa jadi. (Gancang pisan jadina jeung ngalobaannana).

317. Kawas tatah. (Teu hideng sorangan, kudu dititah baé).

318. Kawas tikukur. (Nyebut ngaran sorangan ka nu anyar pinanggih).

319. Kawas toéd. (Beuki ngomong).

320. Kawas tunggeu. (Jelema teu pikaresepeun, goréng patut jeung tungi, tara

pati ngomong).

321. Kawas tunggul kahuru. (Goréng patut).

322. Kawas ucing kumareumbi. (Sagala dicabak, sagala dicekel).

323. Kawas wayang pangsisina. (Goréng rupana).

324. Keuna kana mamarasna. (Keuna kana haté, karasa ngajeletit kana haténa).

325. Keuna ku lara teu keuna ku pati. (Bisa jadi éléh atawa tatu tapi teu maot).

326. Keur awak saawakeun. (Keur manéhna sorangan).

327. Keur béntang surem. (Keur apes).

328. Keur meujeuhna bilatung dulang. (Keur meujeuhna parabaneun).

329. Kokolot begog. (Ngomong teu merenah kawas kolot, dilarapkeun ka budak

ngora).

330. Kokoro manggih mulud, puasa manggih lebaran. (Kokomoan dina waktu

aya rejeki).

331. Kokoro nyenang. (Nembongkeun pangaboga nu teu sabaraha lantaran

hayang dipuji).

332. Kokoro nyoso malarat rosa, lebaran teu meuncit hayam. (Kacida malaratna).

333. Kolot dapuran. (Kolot nurutkeun pancakaki).

334. Kolot kolotok. (Kolot tapi euweuh kanyaho).

335. Kuah beukah. (Rejeki teu sabaraha tina gawé tambuh laku/tina gawé nu teu

tangtu).

336. Kudu asak jeujeuhan. (Kudu gedé jeujeuhan, loba tinimbangan).

337. Kudu bisa ngaragap haté batur. (Kudu bisa ngira-ngira pirasaeun haté

batur).

338. Kudu bisa ngeureut pakeun. (Kudu bisa ngajeujeuhkeun rejeki).

339. Kujang dua pangadékna. (Usaha anu ngadatangkeun dua kauntungan).

340. Kulimis kawas cucurut kaibunan. (Goréng patut jeung matak pikarunyaeun).

341. Kumaha ceuk nu dibendo baé. (Kumaha ceuk pangagung baé).

342. Kumaha kecebur caina geletuk batuna baé. (Kumaha béhna, kumaha engké

baé).

343. Kumaha raména pasar. (Kumaha guyubna batur jenuk balaréa).

344. Kuru cileuh kentél peujit. (Ngurangan saré, ngurangan dahar lantaran aya nu

dimaksud).

345. Kurung batok. (Teu daék lunta ti lembur, jadi teu loba kanyaho).

349. Lain bantrak-bantrakeun. (Lain lawaneun).

350. Lain jalma joré-joré. (Lain jalma turunan hina tapi turunan hadé).

351. Lain lantung tambuh laku, lain léntang tanpa béja. (Lain indit-indit teu

puguh nu dimaksud tapi aya picaritaeun penting).

352. Lain palid ku cikiih. (Lain jelema sakaba-kaba).

353. Langsung saur bahé carék. (Sok gampang nyarékan atawa ngomong nu

matak nyéntug kana haté).

354. Lembur singkur mandala singkah. (Tempat nyumput sarta jauh).

355. Léngkah kapiceun. (Nyaba bari aya nu dimaksud tapi teu hasil).

356. Léntah darat. (Jalma nu sok méré nginjeum duit maké réntén gedé).

357. Lésang kuras. (Teu bisa nyésakeun rejeki teundeunan).

358. Létah leuwih seukeut manan pedang. (Raheut haté ku omongan leuwih

peurih karasana ti batan raheut biasa).

359. Leubeut buah héjo daun. (Keur meujeuhna loba rejeki).

360. Leumpang nurutkeun indung suku. (Leumpang/nyaba teu puguh nu

dijugjug).

361. Leutik burih. (Leutik haté, borangan).

362. Leutik ringkang gedé bugang. (Sipat jelema upama maot loba urusanna,

sumawonna mun nepi ka ajal di panyabaan).

363. Leuweung ganggong simagonggong, leuweung sisumenem jati. (Leuweung

geueuman pikakeueungeun).

364. Liang cocopét. (Liang leutik hara-haraeun).

365. Lindeuk japati. (Siga lindeuk tapi linghas, bisa méré budi manis tapi teu

beunang dipaké kaheureuyan).

366. Lindeuk piteuk. (Siga lindeuk tapi linghas).

367. Loba jaksa. (Loba teuing nu méré timbangan atawa naséhat).

368. Lolondokan. (Bisa ngaluyukeun diri jeung kaayaan lingkungan atawa jeung

kahayang jaman).

369. Luhur kokopan. (Kumaki, angkuh).

370. Luhur kuta gedé dunya. (Gagah tur beunghar taya kakurang).

371. Luhur pamakaman. (Luhur kokopan).

372. Luncat mulang. (Teu beunang dicekel omonganana sabab sok robah).

346. Laér gado. (Sok kabitaan ku kadaharan nu aya di batur).

347. Lalaki langit, lalanang jagat. (Lalaki anu gagah perkasa tur kasép).

348. Lali rabi tégang pati. (Poho ka pamajikan jeung téga kana nyawa pikeun

ngabéla nagara jeung bangsa).

373. Mabok pangkat. (Ieu aing jeneng).

374. Macan biungan. (Jelema teu akur jeung batur salembur).

375. Maén sabun. (Maén nu teu sawajarna).

376. Malapah gedang. (Malibir heula méméh nyaritakeun maksud nu sabenerna).

377. Maliding anak. (Pilih kasih).

378. Malik mépéh. (Gulang-guling lantarana teu kuat nahan nyeri).

379. Malik rabi pindah ngawula. (Nganteurkeun dahareun ka dunungan nu

anyar).

380. Manan léwéh mending waléh. (Tinimbang matak susah sorangan mending

ngomong satabarasna).

381. Manasina sambel jahé, toptop téwéwét. (Moal ujug-ujug karasa atawa kaala

hasilna, kudu sabar).

382. Mandi getih. (Boloboran getih lantaran ngadu jajatén maké pakarang

seukeut).

383. Mandi kembang. (Mandi ku cai dikembangan tujuh rupa jeung dijampéan).

384. Mandi oray. (Mandi sakecebes teu maké sabun-sabun acan).

385. Mani hayang utah iga. (Ngarasa kacida sebelna nénjo atawa ngadéngé

kalakuan batur nu pikaijideun).

386. Mapag kala. (Pindah atawa nyaba nuju ka tempat kala cicing, jadi meunang

kasusah).

387. Marudah haté. (Teu tengtrem haté lantaran teu sugema jeung kaayaan).

388. Mata dijual ka peda. (Dilarapkeun ka nu malaweung, nepi ka teu awas ka

nu disanghareupan).

389. Mata duiteun. (Piduit pisan, kasengsrem ku duit).

390. Mata karanjang. (Resep ka awéwé, teu kaop ningali nu geulis).

391. Mata simeuteun. (Ngarasa héran nepi ka olohok teu ngiceup-ngiceup).

392. Matak andel-andeleun. (Matak ngurangan kapercayaan, matak pikakeuheuleun).

393. Matak balik aseupan. (Teu bisa nyangu).

394. Matak muringkak bulu punduk. (Matak murinding bulu punduk, keueung).

395. Matak pabalik létah. (Paméré nu dipénta deui).

396. Matak pajauh huma. (Matak teu silih pikanyaah, tara silih béré rejeki jeug

dulur atawa baraya lantaran paséa).

397. Matak ibur salelembur. (Matak geunjleung jadi carita dimana-mana).

398. Maung malang. (Jalma nu jadi panghalang kana maksud batur).

399. Maung ompong, bedil kosong, karéta kosong. (Jelema nu boga komara tapi

geus teu nyekel kakawasaan).

400. Melengkung umbul-umbulna, ngerab-ngerab bandérana. (Ngagambarkeun

iring-iringan atawa kaayaan di tempat pésta).

401. Méméh emal, emél heula. (Méméh urang mahugi naon-naon ka pamajikan,

kudu neundeun omong heula).

402. Ménak luar jéro. (Turunan ménak tur mulya haté).

403. Mending waléh batan léwéh. (Mending wakca tibatan matak gering pikir).

404. Méré langir kalieun. (Méré barang atawa méré duit anu kudu ditagih heula

ti batur bari bisa aya mamalana).

405. Meubeut meulit. (Nyarékan bari mamawa kasalahan jelema séjén).

406. Meunang kopi pait. (Digelendeng atawa dicarékan ku dunungan).

407. Meungpeun carang. (Api-api teu nyaho atawa api-api teu katénjo padahal

mah kuduna jadi urusan).

408. Meungpeung teugeu harianeun (Embung pisan tutulung ka batur nu keur

susah atawa loba kabutuh)

409. Miceun batok meunang coet. (Miceun nu goreng ku.lantaran hayang

meunang anu alus, tapi tungtungna meunang nu goreng deui bae).

410. Meupeus keuyang. (Ngabudalkeun kakeuheul ka nu teu tuah teu dosa sabab

ka nu boga kasalahanana mah teu wani).

411. Miceun beungeut. (Ngalieus lantaran ijid atawa ngéwa).

412. Midemit élmu sajati. (Ngawuruk élmu luhung lain pikeun jalma réa).

413. Midua mikir. (Teu satia dina urusan cinta).

414. Milih-milih rabi mindah-mindah rasa. (Ganti pamajikan sugan leuwih

ngarepok).

415. Milu jabung tumalapung. (Milu nyarita dina pasamoan bari rumasa lain

layakna ngan kulantaran kapaksa).

416. Mipit teu amit, ngala teu ménta. (Maok, puak-paok).

417. Misah badan, misah nyawa. (Teu sarua, béda sagala rupana).

418. Miyuni hayam kabiri, kuméok méméh dipacok. (Euweuh kawani, jejerih).

419. Miyuni hui kamayung. (Teu payaan, katodél saeutik ngambek).

420. Miyuni hurang, tai ka hulu-hulu. (Kacida bodona).

421. Moal ceurik ménta eusi. (Sanajan wadah gedé, lain hayang dibéré loba).

422. Moal ditarajéan. (Teu sieun).

423. Moal jauh laukna. (Moal hésé piuntungennana).

424. Moal mundur satunjang béas. (Teu sieunan, teu gimir saeutik-eutik acan).

425. Moal néangan jurig teu kadeuleu. (Moal nyangka ka saha-saha deui nu boga

dosana lantaran geus teg ka si anu).

426. Mucuk eurih. (Laléncop kawas pucuk eurih).

427. Mukti wibawa. (Hirup senang sarta pada ngambeuan, pada ngahormat).

428. Mulangkeun panyiraman. (Mikahayang nu lain-lain anu cénah dipikahayang

ku indungna waktu keur nyiram ku manéhna).

429. Mugprugkeun tai kanjut. (Kariaan leuwih gedé ti biasa lantaran ku ijiran

moal rék kariaan deui).

430. Muriang teu kawayaan. (Asa muriang lantaran kaédanan).

431. Mustika pagulingan. (Putri atawa wanita geulis pisan).